Jang…
hirup teh teu gampang
teu cukup ku dipikiran
bari kudu dilakonanjang…
jalan kahirupan
henteu sapanjangna datar
aya mudun jeung tanjakan
kudu sabar tina kurang
ulah nepak dada beunghar
salawasna kudu syukur
eling kanu Maha Agung
kade hidep bisi kufur
jang…
cing jadi jalma hade
cing jadi jelema gede
beunghar harta jembar hate
jang…
hidep cing ngajalma
turut parentah agama
ulah jauh ti ulama
nyobat sareng ahli tobat
dalit sareng para kiyai
hirup kena ku owah gingsir
ngarah aya anu ngageuing
mangsa lengkah niggang salah
cing pinter tur bener
cing jujur tong bohong
ulah nganyerikeun batur
ngarah hirup loba dulur
raksa ucap lampah
tekad jeung tabeat
ngarah pinanggih bagja
salamet dunya aherat
jang..jang…
cing jadi jalma soleh
jang… jang…
hidep cing soleh