Ranggeuy kadeudeuh,eundan kaheman
aya rasa nu liwat tina mistina
aya kaasih nu udar tina tali paranti
aya leuwih dina ati nu keur anjeun
aya tambah dina rasa nu keur salira
kanyaah anu kiwari ngancik
ibarat rasa anu munggaran teupang
kaheman anu kiwari nyampak
najan lain nu munggaran, tapi pasti nu panungtung
kadeudeuh nu kiwari enteup
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
saayana badan dina kakurung
salahirna diri dina kanista
nganyam katresna dina rasa kanyaah
ngaranggeuykeun kadeudeuh ku rasa geugeut
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
hapunteun anu kasuhun,hampura anu kateda
geuning ieu anu kedal dina ati sanubari
bangbaluh minuhan kahirupan
jakarta 7 julqoidah 1428
by:ogin