Sumoreang mangsa katukang
Ngalangkang ka bayang-bayang
Sagala nu karandapan
Dilakonan tur kajongjonan
Rumasa geus ngumbar amarah
Ngajurung napsu nu teu puguh
Ngarumpak larangan nana
Kiwari rasa ka duhung
Ngancik dina ati sanubari
Kaduhung sageude gunung
Kaduhung teu mangih tungtung
Aduh gusti…abi ampun
Ka anjeun abi nyalindung
Ka anjeun nyuhungkeun tulung
Nyanggakeun badan sakujur
masrahkeun awak sadaya-daya
rumasa diri teu mi boga
teungah peuting nu jemplang-jempling
abi sujud seja mi eling
iyeu dosa di alam dunya pamugi di hapunteun
gusti………abi ampun
keclakna ci mata nitenan kana dosa
gustii……….abi ampun
jauhkeun sim abdi tina sagala dosa
gustii………abi ampun
cakeutkeun sim abdi kana jalan anu bagja
<<<<…GUFRONAKA ROBANA WA_ILAIKAL MASIR…..>>>>> Ampuni lah kami ya allah
by:dewon’s