<.Bulan nu nyaangan marcapada
<.Mawa waas tur kaaheman
<.Ka,asih nu ngancik dina ati
<.Marengan gerentesna ati sanubari
<.Kamelang jeng ka hariwang
<. Marengan rasa honcewang
<. Bulan nu ngalangkangan
<.Bentang nu mapaesan ting karetip
*Peting nu sepi jempling
*Peting nu tingtrim
*Marengan hiliwir na angin
*Nu pinuh ku katineung
<.Bulan sapasi nu nyaangan hate kuring
<. Ketipna bentang nu mawa kawa,as
<.Sumoreang,nyungkeman,kadeudeuh melang
<.Paneteup dedeuh sanajan paanggang,tur cimata nu ngembeng
<.Bulan nu marengan,bentang nu nyaksian
<.Katresna kuring ka anjeun sorangan
<.Kanyaah hate nu moal laas kapanasan
<.Mung anjeun nu ngagaduhan
<.Salira nu nembongan ,salira nu ngalangkangan
<.Lir ca,angna bulan sapertos ketip na bentang
<.Nyengcelang dina implengan
<.Mapay kana kamalirna na hate
by:dewon’s