*Ngan ukur sabaraha kali ngawangkong jeung manehna
Tapi ieu rasa terus nyantel dina ati
Nyulusup kana sanubari, nambru dina kalbu
Imut anjeun, someah anjeun,
Sorot soca anjeun
Malah kiceup anjeun oge masih kaitung
Ngalangkang dina cengcelang {kongkolak}mata
Tiap usik, tiap malik, tiap kiceup, tiap renghapan
Baheula kungsi boga rasa nu,teu jauh
Anjeun ngingetkeun kacinta numunggaran
Nugeus lila ngajadi taneuh ngajadi batu
Nugeus lila dikubur dipajaratan katineung urang duaan
Handapeun tangkal saliara
Ayeuna rasa ieu ampir datang deui
Ngaririwaan tiap detik tiap menit
T api kuring tetep jadi tutunggul
Ttetep jadi batu teu wani ingkah ditempatna
Rumasa ieu hate geus dibikeun kanu lian kagagas ,kawaas nyaliara dina rasa Ngancik dina sanubari Sumarambah dina bayah Tagiwur minuhan jajantung Nu kiwari tingal wa,asna
by:ogin shurogin
** cutatan 20 th katukang kiwari tembong narawangan**