>> tangkal saliara nu jadi ciri ,turnga jadi saksi >> kiwari geus lengit te tembong deui >> lalakon cinta urang ,ges hamo mun kasorang >> sok sanajan anjen datang tur ngaririwaan>> .kakayon saliara nu baheula niungan >>. kiwari ngan tingal wa,asna jeng tapakna >>. tapak urang duan pasini patali jangji keusan ngajadi >>. hirup rukun sauyunan runtut raut sarengan
>> pasir mumunggang nu anggang nu lawas tara ka sorang >> hiji pasir nu jadi ciri ,aya tanda nu nyata >> katresna, kanyah,kaasih ngancik dina sanu bari >> sawangan datang nembongan alatan anjen ngaririwaan
>> bahela nu karandapan kiwari narembongan >> anjen datang nyuksruk kana lahunan >> ku kuring di anggap dina impenan anu pamohalan >> sanajan ka,nyataan tur bari ka alaman lain dina impian
>> kiwari kuring geus jadi tutung-gul >> ngajadi batu jadi lebu >> rumasa diri geus aya nu boga >> hate aya nu mibanda
>> pa tali jangji pasini, hamo papisah deui
<<<<< RIET HT MURIANG AWAK >>>>>
