Dina juru panon aya wening galih katingtrim Nu pinuh ku mangpirang tanda tanya, naon jeung kumaha nu saestuna. Naon tur kamana tilemna
Dina galih galindeng wirahmana Renghapan sadami-dami Aya nu nyulusup kana kalbu Aya gupay kamelang,,ibur kupanyaur
kumaha jeung iraha cunduknaSaestuna kaendahan nu mapaesan alam pawenanganmubyar dina pelengkungna kongkolakkatumbiri pulasan sagala warna,
Endah mawa kasugemaan manah Tingtrim matri ,ngancikna diri Gening taya katumbiri, tan hujan nu mubyarHaneutna sorot matapoe, tan iuhna langit urang.
Nu satemena, naha eta teh katumbiri mangsa pasosoreAtanapi Kuwung-kuwung wanci sareupnaNgan urang nu nyaho Naon nu Saestuna.Tur kumaha saenyana ,jeng kumaha mistina
jakarta berpelangi di cutat dina wanci sonteunJakarta (lampiri) 22 nop 207 12 zulqooidah 1428 by:ogin