Rasa mika welas mika asih nugeus kapatri lir ibarat ca`ang bulan opat welas
Bagja taya bandingan nana nya`angan poek nu ngadalingding
ngahudang rasa katresna nu nembongan, kanyaah nu marengan Rasa nu teu weleh ngariksa duriat nu teu weleh mengkeut
Ranggeuy kadeudeuh nu geus pageuh,matri dina sanubari
>>aya rasa nu liwat tina mistina ……………
>>aya rasa nu mudal tina takeran ,……….,….
>>aya leuwih dina ati nu keur anjeun ,…………
>>aya tambah dina rasa nu keur salira ,……..
kanyaah anu kiwari aya ibarat rasa anu munggaran
Kanyaah anu kiwari ngancik
Najan lain nu munggaran, tapi pasti nu panungtung
Kanyaah anu kiwari manteung keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
Sa ayana badan dina kakurang salahirna diri dina kanista
nganyam katresna dina rasa kanyaah,matri ka asih dina ati
ngaranggeuykeun kadeudeuh ku rasa geugeut keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
by:dewon’s